Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf A Jeung Hartina
Adam lali tapel. 
Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga. 
Hartina : Adat téh hésé digantina.
Adéan ku kuda beureum. 
Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.
Adigung-adiguna. 
Hartina : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganana.
Ajak Jawa. 
Hartina : Ngajak anu henteu saenyana. henteu terusjeung haté, ngan ukur papaés baé, semoga ngeunaheun batur.
Akal koja. 
Hartina : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
Aki-aki tujuh mulud. 
Hartina : Lalaki nu geus ndeso pisan.
Aku panggung. 
Hartina : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.
Aku-aku angga. 
Hartina:
1. Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. 
2. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Alak paul. 
Hartina : Tempat anu lain di kieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alak-alak cumampaka. 
Hartina :
1. Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna. 
2. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia jst.
Alus panggung (Alus Iaur) = Alus Iaur, hadé omé. 
Hartina : Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek, tanaga midek. 
Hartina : Ari napsu pohara gedéna, nganjakal teu kaanteur ku tanaga, ma'lum geus ropoh.
Ambekna sakulit bawang. 
Hartina : Gampang pisan ambek.
Anak emas. 
Hartina : Budak atawa ndeso nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung-bapana baé; dapat ogé ku dununganana.
Anak merak kukuncungan. 
Hartina : Turunan anu hadé laku-lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deuilaku-lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna baé.
Anak mérak kukuncungan. 
Hartina : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
Anak puputon. 
Hartina : Anak nu kacida didama-damana; nu pohara dipikanyaahna.
Anjing ngagogogan kalong. 
Hartina : Mikahayang nu moal bakal kasorang.
Anjing ngagogogan kalong. 
Hartina : Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun.
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna. 
Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.
Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. 
Hartina : Ari umur geus luhur, tapi haté ngongoraeun kénéh.
Asa dijual payu 
Hartina : Nunggelis euweuh batur, karana ditinggalkeun.
Asa dijual payu. 
Hartina : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung ti bapa.
Asa ditonjok congcot. 
Hartina : Meunang kabungah anu gedé, anu saenyana teu diarep-arep.
Asa ditumbu umur. 
Hartina : Boga rasa kahutangan budi nu pohara gedéna, sabab kacida tumarimana ditulungan keur waktu nandangan Iara atawa meunang karerepet anu gedé.
Asa nanggeuy endog beubeureumna. 
Hartina : Kacida nyaahna.
Asa nyanghulu ka jarian. 
Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.
Asa potong leungeun katuhu. 
Hartina : Leungiteun jelema anu pohara hadé gawéna.
Asa rawing daun ceuli. 
Hartina : Teu ngeunah haté ku karena remen pisan ngadéngé omongan batur anumatak teu ngeunah.
Asa tungkeb bumi alam. 
Hartina : Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poék mongkléng pipikiranana.
Asak warah. 
Hartina : Cukup atikan (didikan). Cirina : Henteu dusun, basajeung paripolahna merenah euweuh nu salah.
Atah warah. 
Hartina : Kurang atikan (didikan). Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.
Ati mungkir, beungeut nyanghareup. 
Hartina : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu. Siga nyaah, tapi henteu jeung saterusna.
Ati putih, tubuh bodas. 
Hartina : Bérésih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk.
Aub payung, sabet sapon, sabasoba. 
Hartina : Wewengkon, ngeunaan tanah.
Awak sabeulah. 
Hartina : Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan.
Awak sampayaneun. 
Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.
Awak sampayaneun. 
Hartina : Maké pakéan nu kumaha baé ogé, katénjona pantes atawa lucu baé.
Awak satilas. 
Hartina : Jangkung lenjang.
Aya astana sajeungkal. 
Hartina : Anu tidak mungkin ogé dapat kajadian. Upamana budak leutik kénéh geus maot,sabab sasarina mah nu geus ndeso pisan anu maot téh jst.
Aya bagja teu daulat. 
Hartina : Arék meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus.
Aya di sihung maung. 
Hartina : Ku karena loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluananu penting téh, praktis naker meunangna pitulung.
Aya jalan komo meuntas. 
Hartina : Aya pitantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas. 
Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana.
Aya jalan komo meuntas. 
Hartina : Aya karena anu diarep-arep ti tadina, nepi ka maksud urang gancang kahontalna.
Aya peurah. 
Hartina  : Aya komara, aya harga, aya pangaji.
Aya réngkolna. 
Hartina : Aya tulisanana.
Ayakan tara meunang kancra. 
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana.


